TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Ngaliwatan konferensi pers anu dilakonan poe salasa mangkukna, katiten, nincak mangsa Pilkada kalawan walatra, lolongkrang sumebarna duit palsu bakal ngaronjat. Ku kituna kantor perwakilan bank Indonesia Jawa Barat, boga tarekah pikeun ngungkulan sumebarna duit palsu ngaliwatan ketak mayeng ngalakonan sosialisasi ciri keaslian uang rupiah atawa cikur, di genep belas kabupaten kota anu bakal ngalakonan Pilkada. Koordinasi oge mayeng dilakonan jeung pihak-pihak anu boga wewenang. Lian ti kitu, jenglengan duit emisi 2016 anu diwewegan ku sajumlahing fitur pangaman, dierong mampu nyinglar sumebarna duit palsu di Jawa Barat.