TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Kiwari, hawa jaman digitalisasi geus mimiti karasa, utamana nilik kana reana jalma anu make internet dina mangpirang widang. Kitu deui dina widang bisnis. Eta kaayaan teh mawa pangaruh anu hade lebah ngarojong tumuwuhna ekonomi Indonesia. Sanajan kitu, eta hal teh masih kagejed lebah kaparigelan manusana, dina widang data katut teknologi.