TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Dina biantarana mangsa apel pagi, walikota Cimahi, Ajay M. Priatna, mededih sangkan sakumna jajaran aparatur sipil negara atawa ASN di lingkungan pemkot Cimahi, netral dina Pilkada kalawan walatra 2018. Samalah, Ajay ngintruksikeun kalawan tandes, sangkan jajaranna teu kabaud kana kampanye cagub kitu deui cawagub Jabar, anu geus dimimitian.