TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Caah balukar limpasna walungan Citarum, beuki ngalegaan, poe Rebo isuk-isuk. Caah anu ngeueum paimahan warga beda-beda, ti mimiti sameter tepi ka dua meter. Eta caah anu ngeueum kecamatan Baleendah, Bojongsoang, turta Dayeuhkolot di kabupaten Bandung teh, lain ukur ngagejed kagiatan warga sapopoe. Horeng, widang ekonomi warga di eta kecamatan anu tilu teh jadi gejed.