TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Nya kawas kitu kaayaan caah anu ngeueum mangrebu-rebu imah warga, di kecamatan Baleendah, Dayeuhkolot, turta Bojongsoang, kabupaten Bandung, poe Rebo isuk-isuk. Eta caah anu ngeueum mangrebu-rebu imah warga teh karandapan satutas hujan gede anu narajang lelewek Bandung tebeh kidul, ti saprak poe Salasa sore tepi ka Rebo wanci janari.