TP | BANDUNGTV | ASTI CAHYANI | Satutas medar biantara dina lomba cipta menu beragam, bergizi, seimbang, dan aman di area parkir Barat gedong sate kota Bandung, ketua tim penggerak PKK Jabar, Atalia Praratya Kamil nembakeun harepanana, sakumana kader pkk mampuh nyumebarkeun informasi gizi anu saimbang ka sakumna masarakat kalawan walatra. Pangna kitu, sakumna masarakat dirojong sangkan mampuh nyayagakeun dahareun anu gizina hade keur kulawargana sewang-sewangan. Lian ti kitu, atalia miharep, buruan imah dimangpaatkeun pikeun melak tatangkalan anu bisa dikonsumsi. Masarakat Jabar oge dipiharep jadi leuwih cerdas tur sehat anu dimimitian tina meja makanna sewang-sewangan.