TP | BANDUNGTV | ASTI CAHYANI | Nya kawas kitu kaayaan akses jalan anu nepungkeun jalur tol soreang-pasirkoja di kecamatan margaasih kabupaten Bandung. Dinas PUTR kabupaten Bandung bakal ngalegaan jalan anu ngajugjug tol Soroja, di tilu lelewek, nya eta katapang, soreang, sarta margaasih, sangkan tumuwuhna widang ekonomi di eta lelewek anu tilu teh leuwih maju. Ilaharna pikeun ngajugjug ka jalan tol soroja, jalan arteri kudu ngarojong, lantaran upama jalan akses arteri heureut bisa ngabalukarkeun macet. Kepala dinas pekerjaan umum tata ruang kabupaten Bandung, agus nuria nembrakeun, 3 akses anu ngajugjug ka tol soroja teh nya eta akses soreang, akses katapang jeung akses margaasih. Sanajan kitu, tina eta akses anu tilu teh kakara hiji anu geus ngajanggelek nya eta akses anu ngajugjug ka gerbang tol soreang. Ari dua jalur anu ngajugjug gerbang tol soroja sejenna, tepi ka kiwari masih dina prakprakan migawe.