TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Dina konferensi persna poe Kemis pasosore mangkukna, di mapolres Sumedang, kapolres Sumedang AKBP Hartoyo, medar jujutanana ngeunaan 4 tersangka pelaku anu ngagasab mobil kolbak bisa kaguar, satutas nampa laporan warga anu ngalaporkeun mobilna leungit. Dumasar kana eta laporan kaleungitan teh petugas maluruh tapak lacakna turta ngamekarkeun kasusna, tepi ka antukna mampuh nyerek 4 urang karaman anu remen ngagasab mobil pickup. Eta tersangka anu opatan teh nya eta adn, at, mr jeung er dicerek dina waktu dua di tempat anu beda-beda. Ti eta tersangka anu opatan, petugas mawa barang bukti hasil ngagasabna, di antarana mobil kolbak atawa pick up kalawan nopol Z 8093 AG, motor hiji, turta sajumlahing pakakas anu dipake pelaku pikeun ngalakonan aksina.