TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Warga kampung gumuruh, desa Nagrak, kecamatan Cangkuang, kabupaten Bandung, meh dua bulan katompernakeun seuseuteun cai beresih. Pikeun nyumponan kabutuh cai sapopoe, kawas nyeuseuh jeung sajabana, warga kapaksa laleumpang ka tempat anu nenggang pikeun ngajugjug sungapan cai di sabueureunana. Kaayaan sarupa kitu teh geus lila karandapan. Samalah pikeun nyumponan kabutuh cai keur masak jeung nginum, warga kudu meuli cai isi ulang.