TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Teu kurang ti dua hektar lahan pasawahan milik patani di kampung Gegerbitung, kecamatan Gegerbitung, kabupaten Sukabumi, kiwari ngahgar. Balukarna sajumlahing patani di eta wewengkon nandangan rugi lantaran pelak parena nandangan puso atawa gagal panen. Pikeun nyinglar karugian anu leuwih rongkah balukar sawahna ngahgar, para patani kapaksa ngadokneng atawa panen samemeh waktuna sanajan hasil anu dicangkingna kurang ti sasarina.