TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Teu kurang ti tilu puluh hektar sawah di kampung Cikalong, desa Talagasari, kecamatan Sindangbarang, kabupaten Cianjur, nandangan puso atawa gagal panen balukar halodo anu karandapan saprak 2 bulan katompernakeun. Balukarna para patani nandangan rugi mangpuluh-puluh juta.