TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nalika diwawancara satutas masrahkeun pangleler ka kader PKK anu prestasina nyongcolang di pusdai Jawa Barat, gubernur Jabar nembrakeun, pamarentah ngancokeun waragad turta kawijakan, tapi kurangeun pasukan. Ku kituna, ibu-ibu PKK nampa 3 pancen, nya eta jadi mercusuar informasi positif, ngirut masarakat, turta ngalakonan pendataan kawas jadi detektif maluruh barudak anu putus sekolah.