TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Rarancang pindahna rute penerbangan domestik ti bandara Husein Sastranegara ka bandara Kertajati, Majalengka, anu bakal mimiti dioperasikeun tanggal hiji Juli 2019, ngabalukarkeun calon panumpang di bandara husein ngarahuh. Lelewek Majalengka anu kawilang nenggang ti kota Bandung turta tacan rengsena akses jalan ngajugjug ka bandara kertajati, jadi salah sahiji rereged pikeun calon panumpang lantaran bakal meakeun waktu anu lila pikeun ngajugjug ka bandara. Ku kituna lalampahan bakal gejed.