TP | BANDNGTV | ASTRI CAHYANI | Teu kurang ti sarebu personel gabungan anu ngawengku Polri katut TNI, ngalakonan apel gabungan, di mapolres Sumedang, poe salasa isuk-isuk. Eta apel gabungan teh dilakonan pikeun ngajaga kaamanan satutas pengumuman hasil pemilu 2019. Eta apel teh dipingpin ku dandim Sumedang letkol ARH Novianto Firmansyah, turta Kapolres Sumedang AKBP Hartoyo.