TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Dina prakprakanana tim patroli ngadeugdeug ka sababaraha warung makan turta restoran anu buka dina wanci beurang. Dina eta razia teh tim gabungan manggihan sajumlahing warung makan anu muka pabeubeurang sanajan surat edaran ti walikota Sukabumi geus dipasang. Lian ti kitu, dina eta razia teh rea warga anu keur dalahar di jero warung. Eta warga anu keur dalahar pabeubeurang teh, diperdih nembongkeun identitas turta dipepelingan ku pihak MUI.