TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nalika diwawancara di gedong Kanwil III KPPU, ketua KPPU RI, Kurnia Toha nembrakeun, patali jeung harga tiket pesawat, dirina kungsi padungdegnan jeung menteri perhubungan, turta bakal medalkeun aturan pikeun nurunkeun harga atas tiket pesawat. KPPU oge keur meumeujeuhna mariksa, upama aya panyalimpangan patali jeung dicindekeunana eta harga atas pesawat. Lian ti ketak pamarentah, dirina oge ngarasa yakin, nambahanana pelaku usaha anyar dina dunya penerbangan, bisa ngarojong kana turunna harga tiket pesawat.