TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Nya kawas kitu galumbirana para pamuda karang taruna kelurahan Lebak Gede kecamatan Coblong kota Bandung, nalika waktu saur. Saban poena, salila bulan Romadon, eta mangpuluh-puluh nonoman teh riung mungpulung di lapang desa, pikeun tatahar ngahudangkeun warga. Bari marawa mangpirang waditra atawa alat musik, kawas goong, bass drum, kecrek, simbal, bonang tepi ka kaleng-kalengan, eta para pamuda karang tarna teh ngurilingan lembur pikeun ngahudangkeun warga anu seja saur. Eta kagiatan ngahudangkeun anu rek saur teh, dilakonan sacara sukarela ku para nonoman saban bulan Romadon.