TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Dina waktu buka puasa, nu tarumpak kendaraan boh motor boh mobil, anu ngalalar ka di jalan amir machmud, pernahna di lelewek kawasan Alun-Alun Cimahi, diperdih ngalaunan lajunna kendaraan. Satutas ngalaunan, eta nu tarumpak kendaraan teh dibagi tajil ku sajumlahing wanoja campernik make raksukan pulas kayas anu taya lian ti para ibu bayangkari turta polwan polres Cimahi.