TP| BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil netelakeun, salah sahiji marga lantaran limpasna walungan Citarum teh, nya eta cai anu kahalang batu-batu sajarah. Minangka tarekah pikeun ngungkulan eta pasualan, pihakna keur meumeujeuhna ngawangun torowongan Curug Jompong anu waragadna tilu ratus milyar. Pihakna boga target, eta torowongan teh bakal ngajanggelek dina bulan september 2019.