TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Dina poe munggaran distribusi, KPUD ngiangkeun logistik pemilu ka 4 kecamatan di Cianjur tebeh kidul. Eta opat kecamatan teh nya eta kecamatan cikadu, agrabinta, naringgul, turta leles. Eta wewengkon anu opat teh, kawilang nenggang ti puseur dayeuh. Ari pikeun pangamanan, sajumlahing personel polres Cianjur diwewegan ku pakakas anu samagreng, ngawal saban armada anu ngangkut logistik pemilu ti gudang KPUD Cianjur tepi ka hambalan PPK.