| TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Musibah caah di kampung Bojongasih kecamatan Dayeuhkolot, kabupaten Bandung masih ngeueum mangratus-ratus imah warga. Warga anu boga karep ngalakonan kagiatan di saluareun imah kudu meuntasan caah tepi ka lima puluh senti. Lian ti ngagejed kagiatan warga, gedong sd di kampung bojong asih oge teu bisa dipake lantaran rohang kelasna kakeeum caah. Antukna, kagiatan dilajar siswa dipindahkeun saheulaan ka kantor desa di eta tempat. Tina dua ratus siswa anu kadaftar, ukur aya saratus genep puluh siswa anu ilubiung dina dina kagaitan dialajar di kantor desa.