| TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Gunung Karangetang, di kabupaten Sitaru, Sulawesi Utara, tepi ka kiwari masih dina level 3 atawa status siaga turta aktivitas gunung anu kawilang gede. Kubah lava anu ngajanggelek di sabudeureun gunung karangetng oge boga potensi mucunghulkeun urug mangrupa lava pijar katut awan panas. Warga sabudeureun gunung karangetang diperdih ngajauhan kawah gunung tepi ka radius dua setengah meter tina biwir kawah. Lian ti kitu aktivitas kegempaan kawilang gede anu karereaanana mangrupa lini leutik kalawan frekuensi anca anu reana saratus tujuh puluh tilu kali jero sapoe.