TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Prakprakan ngareuah-reuah taun anyar Imlek 2570, di kabupaten Cianjur, dikokolakeun di tilu vihara, samemeh peuting bagantina taun, Senen peuting. Mangratus-ratus etnis Tionghoa sarta umat Budha, sareundeuk saigel ngahurungkeun lilin, mitembeyan ibadah mapag bagantina taun anyar Imlek 2570, anu dilakonan ti mimiti jam sapuluh senen peuting tepi ka jam hiji salasa janari. Samalah, di vihara tridharma, mieling taun anyar Imlek direuah-reuah ku kagiatan bakti sosial, ngabagi-bagikeun beas anu nitih leuwih ti dua ton ancokeuneun warga anu teu mampuh ti mangpirang agama. Lian ti kitu, 50 bingkisan parsel ge dibagikeun ka lansia anu umurna leuwih ti 70 taun.