TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Prakprakan peuting bagantina taun anyar Imlek anu museur di kelenteng Widhi Sakti, kota Sukabumi, dipaju kalawan ceuyah. Nincak wanci peuting, masarakat kota Sukabumi ngadareugdeug ka kelenteng anu pernahna di jalan pejagalan, nyomplong, kota Sukabumi, keur nitenan atraksi barongsai anu mapaesan taun anyar Imlek 2570. Kariaan peuting bagantina taun anyar Imlek katiten tina atraksi barongsai anu mampuh ngahibur warga. Sok komo, sabagean masarakat tionghoa sarumanget naker mere angpau langsung ka barongsai keur nyangking kaberkahan sarta nolak bala dina taun anyar Imlek ayeuna.