TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Balai besar pengawas obat dan makanan atawa b-b-pom Bandung ngalakonan kagiatan sosialisasi pemberdayaan masyarakat ngaliwatan komunikasi, informasi, tur edukasi. Eta acara anu disorang di gedong PKK Bandung teh dijejeran, sumebarna informasi ngeunaan ubar tur gerakan nasional peduli obat dan pangan aman atawa GNPOPA, dina raraga ngaronjatkeun efektivitas panalingaan ubar tur kadaharan. Eta kagiatan teh dipitembeyan langsung ku ketut sustiawan anggota komisi IX DPR RI anu mangrupa wangun pangrojong sarta pangangaping kana tarekah ngaronjatkeun kualitas kasehatan masarakat, utamana di kota Bandung. Lian ti kitu, eta hal teh mangrupa tarekah panangtayungan keur sakumna masarakat kana sumebarna ubar sarta kadaharan anu boga resiko kana kasehatan.