TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Beuki mahabuna panyakit DBD anu ngeuntreupan warga, diebrehkeun ku kepala dinas kesehatan kabupaten Bandung Barat, hermawan widjajanto. Luyu kana catetan pihakna, salila bulan januari, 367 urang warga katarajang panyakit DBD. Kasus DBD sumebar di 16 kecamatan. Ari anu pangreana, karandapan di cikalong wetan, cililin, ngamprah, padalarang, tur parongpong.