TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Jalan anu ngahubungkeun sababaraha kecamatan di kabupaten Bandung, kawas Ciparay, Banjaran, Arjasari, jeung Pacet, ambles kana ngamalirna walungan, anu pernahna di desa Patrolsari, kecamatan Arjasari. Amblesna eta jalan teh karandapan ti saprak sabulan katompernakeun, sarta tacan diungkulan ku dinas anu boga wewenang. Eta jalan anu sakuduna bisa dipake dua lajur kendaraan jenis mobil teh, kiwari ukur bisa digunakeun salajur. Ku kituna, patali marga di eta jalan jadi kateug.