TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Leuwih ti sabulan teu diangkut, runtah di pasar Sayati, kecamatan Margahayu, kabupaten Bandung, ngagugunung tepi ka hareupeun kios padagang. Bau anu nyegak nyambuang tina eta gundukan runtah. Lian ti kitu, larva bilatung ge mimiti tingpucunghul tina eta gundukan runtah. Henteu jinekna jadwal ngangkutan runtah ti petugas dinas anu boga wewenang, ngabalukarkeun runtah beuki ngagugunung. Dumasar kana perjanjian jeung dinas anu kabaud, prakprakan ngangkut runtah minimal ngeprikeun 6 treuk jero saminggu.