TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Mangratus-ratus warga majalaya kabupaten bandung, nyorang lampah melak tangkal gede di babantar walungan cisaraya, anu mangrupa anak walungan citarum. saestuna, eta kagiatan teh dipaju keur nyinglar musibah caah, sarta umajak ka masarakat sangkan leuwih mihaat lingkungan, dumeh salasahiji kasang tukang caah mangrupa ketak alih fungsi lahan.