TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Minangka tarekah keur ngurangan musibah caah di kabupaten bandung, satuan tugas citarum harum, ngeduk sedimentasi walungan citarum, di lelewek bojongsoang tepi ka baleendah kabupaten bandung. sajeroning kitu, warga manggahang baleendah ngarasakeun mangpaat dikedukna walungan citarum ti saprak sataun katompernakeun. pangna kitu, eta lelewek henteu katarajang deui musibah caah.