TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | 98 unit kendaraan keur ngangkut runtah di kabupaten Bandung katitih kurang, pikeun ngadeugdeug ka mangpirang tempat pamiceunan runtah sementara atawa TPS di 34 kecamatan. Ku kituna, Dinas Lingkungan Hidup atwa DLH kabupaten Bandung boga rarancang, dina ahir taun 2018 pihakna bakal nambahan armada keur ngangkut runtah anu nitih tujuh unit. Pangna kitu, upama jero saminggu runtah di TPS ilegal teu diangkutan, runtah bakal ngagugunung.