TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Nincak usum ngijih, masarakat kabupaten Bandung diperedih sangkan salawasna sayaga nyanghareupan musibah alam, kawas musibah taneuh ngiser, taneuh urug, caah, sarta angin puyuh. Upamana wae lelewek anu rawan katarajang musibah caah kawas dayeuhkolot, baleendah, jeung bojongsoang. Sok komo, kecamatan rancabali, ciwidey, pangalengan, turta kertasari, anu rawan katarajang musibah taneuh urug. Bupati Bandung dadang m nasser, meredih masarakat, utamana anu nganjrek di handapeun lamping, anu rawan kaurugan taneuh, sangkan sagancangna laporan ka pihak pamarentahan anu pangdeukeutna.