TP | BANDUNG TV| ELBY NOPITRI | Dumasar kana data Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika atawa BMKG, patali kana usum halodo di sajumlahing wewengkon di Jawa Barat, Badan Nasional Penanggulangan Bencana atawa BNPB, meredih ngaliwatan intruksi sangkan BPBD Jabar boga integrasi ngaliwatan medalkeun surat darurat kekeringan. Eta ketak teh disorang sangkan pasualan halodo anu karandapan ku masarakat di Jabar, sagancangna diungkulan.