TP | BANDUNG TV| ELBY NOPITRI | Teu kurang ti tilu ratus opat puluh dua lahan milik patani di wewengkon kabupaten Bandung, kaancam puso, lantaran kurangna stok cai pikeun ngaboyor pepelakan patani ngabalukarkeun sawatara lahan nandangan puso. Sakumaha anu karandapan di lelewek Bandung kidul turta Bandung kaler, karereaan patani marelak bawang beureum jeung bawang bodas, upama dina dua minggu kahareup eta lelewek teu kahujanan, geus bisa dicindekeun eta pepelakan milik patani moal bisa kaala. Kepala dinas pertanian dan peternakan kabupaten Bandung, tisna umaran, nembrakeun, taya hujan di kabupaten Bandung teh, bakal mangaruhan ka para patani tepi ka ngabalukarkeun gagal panen. Samalah upama para patani baroga sumur sengserepan dina lahanna geus bisa dipastikeun harga hasil tatanen bakal undak