TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Eta Vihara vipassana graha teh mangrupa salah sahiji tempat ibadah umat Budha anu pangkolotna di Jawa Barat. Eta Vihara teh boga ajen sajarah pangwangunan anu kawilang panjang, ti saprak taun 1976, anu diadegkeun ku pemuka agama Budha anu asalna ti thailand, nya eta Bhante Sujivo Mahathera. Lian ti dipapaesna ku ajen inajen sajarah anu luhung, gaya arsitektur eta wangunan teh kawilang unik tur endah. Samalah, rea wisatawan anu ngajugjug ka eta tempat anu ngarasa meh-mehan siga keur pakansi ka negeri thailand. Nuansa negeri gajah putih katiten tina wangunan Vihara anu siga-siga wangunan pagoda. Pangna budaya thailand euyeub dina eta wangunan, dumeh didesain ku pemuka agama asal thailand anu baheula nyumebarkeun agama Budha di ndonesia.