TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Mangpuluh-puluh warga anu boga pakasaban nyarieun bedil angin Cipacing ti desa Cipacing, Cikeruh, turta Galumpit Cileunyi, riung mungpulung di Cipacing Jatinangor kabupaten Sumedang. Eta warga teh boga kasapukan dina wangun deklarasi, yen pihakna moal nyarieun senjata api rakitan. Upama aya anu kumawani nyieun turta ngajual senpi rakitan, kelompok perajin Cipacing bakal laporan ka pihak berwajib.