TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Teu kurang ti dua rebu warga kecamatan Margaasih, kabupaten Bandung, tacan ngalakonan rekam kartu tanda penduduk elektronik. Dumasar kana data base KTP el, disdukcapil oge mayeng ngadeugdeug ka desa-desa anu wargana tacan ngalakonan rekam KTP el.