TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Aliansi Masyarakat Untuk Penegakan Hukum atawa Ampuh turta Cianjur Procurement Watch atawa CPW kabupaten Cianjur, ngalakonan unjuk rasa di buruan kantor Pemkab Cianjur, poe Jumaah beurang. Eta nu arunjuk rasa teh ngadongsok sangkan Kepala Bagian Barang dan Jasa katut reng-renganana dicabut kalungguhanana, lantaran dierong aya lampah KKN, persaingan usaha anu teu sehat, sarta pihak anu sailon anu bisa ngarugikeun duit nagara.