TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Tepi ka bulan september 2017, nol koma tilu persen atawa 12 rebu 73 rumah tangga di Jawa Barat anu tacan boga sambungan tenaga listrik pln sacara langsung. Hartina, rasio elektrifikasi Jawa Barat kakara 99 koma 87 persen. Gubernur Jawa Barat, Ahmad Heryawan netelakeun, eta rasio elektrifikasi teh ngaronjat kalawan signifikan batan dina taun 2008, nalika dirina kakara ngalungguh minangka gubernur Jawa Barat, nya eta ngahontal 65 persen. Beuki ngaronjatna rasio elektrifikasi teh mangrupa hasil rukun gawe jeung mangpirang. Poe Rebo isuk-iksuk, di desa Sukalilah kecamatan Sukaresmi kabupaten Garut, gubernur naratas rasio elektrifikasi Jawa Barat ngahontal 100 persen dina taun 2018, ngaliwatan program Jabar caang.