TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nya kawas kitu kaayaan salah sahiji tempat mijahkeun sato anu katelah luwak, di kecamatan pangalengan, kabupaten Bandung. Di eta tempat, teu kurang ti 30 sato luwak, diaringu ku patani kopi malabar. Eta patani kopi malabar, ngeureuyeuh usaha mijahkeun luwak, ti saprak taun 2012. Mimitina patani wegah pikeun mijahkeun luwak, lantaran ngerong eta sato teh, taya mangpaatna. Tapi, satutas nyaho kana mangfaat tina eta sato, antukna, patani di eta lelewek mimiti ngaringu eta sato anu resep cicing dina tatangkalan. Samalah, prakprakan mijahkeun luwak teh, kiwari geus mimiti kaala hasilna anu kawilang nyugemakeun. Sok komo, kopi luwak hasil panen patani di pangalengan, mampuh makalangan di pasar internasional, kawas di nagara cina, singapore, katut malaysia.