TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Minangka tarekah pikeun nyinglar panyalimpangan ngagunakeun fasilitas atikan nalika nyorang kampanyeu, dina prakprakan pilkada Jawa Barat anu keur meumeujeuhna dipaju, Panwaslu kota Cimahi ngirut mangpuluh-puluh tenaga pengajar anu ngawengku guru tur dosen sakota Cimahi, keur icikibung dina sosialisasi pojok pengawasan partisipatif.