TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Warga Blok Babakan Sawah, RT tilu, RW hiji, dusun Cimanintin, desa Cimanintin, kecamatan Jatinunggal, kabupaten Sumedang, kapaksa ngarungsi lantaran eta desa rawan katarajang musibah. Sok komo, jero sawatara poe katompernakeun hujan ngecrek di eta lelewek. 63 kepala kulawarga anu ngawengku saratus dalapan puluh tujuh jiwa, ngarungsi ka balai desa atawa imah kadang wargana, keur nyinglar hal anu teu dipikahayang.