TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Hujan ngecrek narajang kabupaten Sumedang salila saminggu katompernakeun. Eta hal teh ngabalukarkeun musibah taneuh ambles, tepi ka dinding hiji imah warga di dusun Nanggerang, desa Mekarjaya, kecamatan Sumedang Utara, kabupaten Sumedang, raretak. Dina erongan mah, eta dingding imah warga ge teh rarengat alatan teneuh ngiser tepi ka ambles di bagean buruanana, sapanjang 35 meter. Eta kajadian teh karandapan kapeutingnakeun.