TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Tumuwuhna ekonomi anu genjah, reana jumlah pangegek, tepi ka nguniangna sektor industri anu genjah di kota Bandung, ngabalukarkeun equity finance Indonesia atawa EFI ngamekarkeun pemasaran produkna di kota Bandung. Salaku tarekah pikeun ngarojong usaha kecil menengah kawas kuliner atawa industri kreatif sejejnna di kota Bandung, EFI oge natawarkeun produk small medium enterprise atawa SME turta multipurpose financing. Ngaliwatan program small medium enterprise atawa SME, nu baroga UKM bisa ngajukeun pinjaman dana kalawan proses cepat, syarat gampang, angsuran ringan, turta bunga leutik. Proses pencairan dana oge ukur merelukeun waktu dua poe, satutas data katampa sacara lengkep. Pelaku usaha cukup masrahkeun jaminan mangrupa sertifikat tanah katut kendaraan.