TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Mangratus-ratus imah di desa Linggar kecamatan Rancaekek kabupaten Bandung kakeueum deui caah. Cai anu ngeueumna teh ti mimiti lima puluh tepi ka tujuh puluh senti. Ku kituna, kagiatan warga sapopoe jadi gejed. Sababaraha warga kapaksa meuntasan caah, pikeun ngajugjug ka tempat digawena atawa kaluar ti imah