TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Prakprakan nyitak kartu tanda penduduk elektronik atawa KTP EL, remen nyanghareupan rereged. Salah sahijina, listrik anu remen pareum ngabalukarkeun mangpuluh-puluh warga kudu ngantay bagiliran lebah perekaman KTP EL.
Kawas anu karandapan mangsa ngarekam KTP EL di kecamatan Margaasih, kabupaten Bandung. Geus saminggu, prakprakan ngarekam KTP EL kagejed. Mimitina, salah saurang petugas anu ngarekam cuti, ku kituna ukur saurang anu mancen ngarekam KTP EL. Warga oge ngarasa kuciwa, lantgaran kudu ngadago lila.