TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Dina bulan November 2017, inflasi di Jawa Barat ngahontal 3,06, leuwih gede batan bulan November taun 2016 anu nitih 2,94. Ari dina bulan Desember, inflasi oge boga potensi ngajaul, lantaran rea musibah alam anu karandapan kawas di sukabumi, tepi ka ngaronjatna kabutuh masarakat dina poean natal turta bagantina taun. Kepala perwakilan bank indonesia provinsi Jawa Barat, wiwiek sisto widayat nembrakeun, dina minggu munggaran bulan Desember, ngajaulna inflasi ngahontal 0,22 persen. Pikeun ngarekepan potensi inflasi anu kawilang gede di Jawa Barat, bank indonesia rukun gawe jeung pamarentah daerah bakal ngalakonan rapat tpid poe rebo isuk.