TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Satuan Polisi Pamong Praja turta petugas ti Dinas Pekerjaan Umum Sumedang, nartibkeun padagang kaki lima di Taman Endog. Ari petugas pu meresihan Taman tina ruruntuk wangunan katut runtah anu kungsi ngeumeuhan Taman Endog. Taman Endog kungsi dipake tempat saheulaan pikeun para padagang, lantaran pasar sadang keur direhab. Kiwari satutas tilu taun diwangun turta rengse, Taman Endog dibebenah deui.