TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Ti saprak saminggu katompernakeun, tujuh ratus pamayang di basisir Jayanti kapaksa eureun balayar. Pangna kitu, hawa ekstrem ngalantarankeun lambak sagara rongkah tepi ka tujuh meter. Kiwari, pamayang ukur nyangreudkeun parahu di darmaga atawa nyiar pakasaban sejen pikeun nyumponan kabutuh hirup salila eureun balayar balukar hawa ekstrem. Eta pamayang nembrakeun, upama maksakeun ngambah sagara dina hawa ekstrem kawas ayeuna, hasil cangkinganana bakal nyirorot tepi ka dalapan puluh persen batan sasari. Lian ti kitu, lamun balayar ayeuna, tarohanana nyawa.