TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Satutas ngaliwatan mangpirang rereged dina pprakprakan migawena, antukna tol dalam kota munggaran di Jawa Barat, Soreang-Pasirkoja atawa Soroja, diresmikeun langsung ku Presiden republik Indonesia, Joko Widodo, poe Senen beurang. Prak-prakan pangawangun eta jalan bebas hambatan anu panjangna 10 satengah kilometer, tur nepungkeun kota katut kabupaten Bandung teh meakeun waktu tepi ka leuwih ti dua taun, lantaran nyanghareupan mangpirang rereged, kawas prakprakan ngabebaskeun lahan, pamondah ti warga turta faktor hawa anu teu bisa dilelebah. Presiden anu diaping ku menteri PUPR, mochamad basoeki hadimuljono, gubernur Jawa Barat, ahmad heryawan, turta bupati Bandung, Dadang M. Naser, neken tombol sirine tanda diresmikeunana eta jalan tol anu dipiharep bakal ngungkulan macet di jalan Raya Kopo Katapang katut Sayati tepi ka jalan Soekarno-Hatta, kota Bandung.